Minggu, 09 Juni 2013

BOA-BOA


Srangenge geus meletek deui bae,tapi cireumis masih nyesa nyalangkrung dina panto hate,teu kungsi palid dina kamalirna kabungah,kalah seukeut lir seukeutna letah nu teu tulangan,nyasa'ak nyoek'keun lambaran pangharepan,nguwak ngawik sagala impian,ancur teu kapulung,jadi bubuk.
Moal boa sakiceup bakal mancawura katiup ku angin lirih.
Lengkob angkeuhan jurang kamelang kaguar ku humandeuar
Lamping karingrang awor ku aweuhan rasa nu midangdam keureutan kadeudeuh sangkan maneuh.

Horeng kieu hirup nu katideresa ku wayahna,nunggu nunggu waktu nu boa bakal kalakonan,da gening asa ngajauhan kalah jauh ninggalkeun basisir ati,ninggalkeun parahu nu angkleung-angkleungan di sagara katineung.nunggu dileled ku lambak nu unggal menit ngadodoho.


Teu nyana cireumis bet jadi hujan poyan anu rongkah,teu mirosea datangna katumbiri,teu mirosea kuwung-kuwung nu ngabeberkeun sagala warnina,da bongan mega hideung ngukuntit dina satiap ketug jajantung jeung rongheapna hegakan kapeurih.


Ku cape srangenge teu ngahibaran poekna hate nu kalimpudan halimun kakangen

Tidak ada komentar:

Posting Komentar