Seungit kembang malati jeung sedep malam meleber minuhan rohangan
tengah,seungitna ka'angin-angin,matak sumeblak rus ras kaditu kadieu.
Peuting teh kalah beuki simpe maju ka jempling,cakcak silih udag
parebut dahareun,asa tambah keu'eung sok komo bari nungguan nu keur
humarurung adug songkol ti sore keneh.
Nu humarurung kalah angot,awak rangkebong hegak ning jero matak
hariwang nu jagjag,mun disidik sidik sok sanajan nu geuring ripuh kacida
tapi sari-sari geulisna katingali keneh,abong keur jagjagna sok reuseup
ngaluis bae.
Simpe nyaliara sarohangan imah,angin sakapeung kadenge ngahiuk nebak
suhunan,keur kitu nu gering ripuh semu cengkat bari malik ka lebah
panto.
"Wa'alaikum salam!" Pokna ujug ujug kawas aya semah nu datang,kuring
ngan wasa neuteup. Siak aya nu nyiak kana punduk,kuring ngareret ka
lebah panto,sidik euweuh sasaha,koreleng ka panto hareup,nyingraykeun
hordeng bisi enya aya semah,sarua taya sasaha,teu katingali nanaon.
Seungit kembang angger meleber ngagayuh ka janari,peuting simpe
kacida karasana teh,angin beuki tarik ngahiuk kana suhunan jeung
tatangkalan,pihujaneun nu mendungna ti sore keneh,kawasna rek wayah kitu
bregna,enya bae teu lila tingparalak sora cihujan kana kenteng jeung
dangdaunan,laun-laun tuluy ngagebret dipirig angin ngaguruh.
Dina sela sela cihujan nu rinyay ti langit,bet asa kokolebatan dina
tetenjoana dua malaikat keur lungsur kana suhunan,malaikat anu ngawurkeun rohmat jeung malakal maot anu sayaga rek nyabut nyawa,
Saha nu rek dipundut peuting ieu,nu geuring ripuh atawa kuring.duka teh teuinglungsur kana suhunan,malaikat anu
ngawurkeun rohmat jeung malaikalmaot anu sayaga rek nyabut nyawa,
Saha nu rek dipundut peuting ieu,nu geuring ripuh atawa kuring.duka teh teuing
Tidak ada komentar:
Posting Komentar